Desa cengal didirikeun ku buyut ender kanggo ngaluaskeun daerah ti cirebon ka selatan.tempatna di blok kebon peuteuy,bale desana di cikawung nu ayeuna aya di pengkereun SDN 1 CENGAL.teras ti palih kidul aya utusan ti ki badugal jaya ti karajaan galuh pakuan (ayeuna di ciamis) utusanna nyaeta buyut soka jeung buyut puncak manik,sareng raden kancil jeung nyi gendeng ancaran (dua saderek).
Kusabab ningali nyi gendeng ancaran nu geulis,ahirna buyut ender bogoheun.tapi raden kancil teu resepeun upami sodarana nikah jeung buyut ender.ngarasa cintana kahalangan,buyut ender ngabunuh raden kancil,teras jasadna di kubur di tunggul jati (astana gede).
Nyi gendeng ancaran teras di lamar ku buyut ender,tapi nyi gendeng ancaran mere syarat ka buyut ender kanggo lomba ngaluaskeun wilayah.buyut ender ahirna satuju.buyut ender ngagunakeun arit kanggo ngababad ka palih kidul nu ayeuna jadi desa cengal,sedengkeun nyi gendeng ancaran ngaduruk ka palih kaler nu ayeuna jadi desa cikeleng.lomba eta di meunangkeun ku buyut ender.tapi nyi gendeng ancaran tetep teu kersaeun di jadikeun istrina sabab buyut ender geus ngabunuh saderekna.teras nyi gendeng ancaran nyumput ka sabuah desa nu ayeuna disebut buni geulis,tapi buyut ender tetep ngudag-ngudag.kusabab teras di udag-udag ahirna nyi gendeng ancaran lapor ka buyut sangkan (ki sura reanggan kuwu cirebon girang)teras buyut sangkan ngabunuh buyut ender nu jasadna di kubur di palih wetan situ janggalan (panawuan)teras nyi gendeng ancaran di nikahkeun ka syeh maulana akbar ti kuningan.